Download Lagu Sunda

Mohon maaf karena saya tidak dapat memberikan link download mp3 lagu sunda secara langsung, jika ingin mendownload file mp3-nya, silahkan kirim email ke mp3@dede-gunawan.web.id, untuk mendownload video-nya, silahkan download langsung dari youtube, isi dari blog ini lebih banyak tentang lirik lagu sunda, Terima Kasih.

Selasa, 03 Juni 2014

AISAN INDUNG - Bah Dadeng



Bah Dadeng, Aisan Indung, Download Lagu Sunda, Sunda, Lirik Lagu Sunda, Lirik

 LIRIK AISAN INDUNG

Bah Dadeng
-----------------------------------

Ridho pangampura Gusti, ayana ridho ti Indung Bapa
Sujud syukur ka Gustina , punjung Indung nu lami ngakandung
Ku kersa mantenna gubrag ka alam dunya
Lahir na lahunan indung Bapa

    #    Diri diaping dijaring, diapit ditalingakeun
Raga dijaga diriksa, dirawat dipulasara
Karasa asihna, karasa nya’ahna,
karasa bagjana nu dibikeun
 aisan asihna moal rek leupas ku mangsa
hamo arek kasilih wanci

aisan asihna moal rek pegat ku jaga
manjang manteng hamo teu kahalang
reff : Gusti Kedah kumaha abdi, mulangkeun aisan asih nu indung
Gusti kedah kumaha abdi, nu teu daya jeung nu teu upaya
 ya Alloh pikaasih aranjeunna sapertos miasih abdi taya pegatna 2x

(uih deui ka #)
----------------------------------------
Moal lepat deui kaasih tur kacinta ibu mah, moal pegat ku jaga. Iraha oge dimana oge aranjeuna pasti bakal mikacinta ka urang. Ya Allah mugia ngajantenkeun ka kadua ibu sareng rama urang sing aya dina kasalametan, ridho tur rahmat gusti. Amiin.

POP SUNDA - MANUK DADALI

LIRIK MANUK DADALI

----------------------------
Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
Sukuna ranggaos reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk

Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang jeung pertentang taya bandingannana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan kasieun leber wawanenna

chorus
Manuk Dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia Jaya
Manuk Dadali pangkakon carana
Resep ngahiji rukun sakabehna

Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna Bangsa di Nagara Indonesia

----------------------------------------------



Manuk Dadali, Sunda, Lirik, Lirik Lagu Sunda, Download Lagu Sunda,

Lagu ieu kalebet lagu sunda anu kasohor pisan. Seueur pisan anu terangeunnana henteu wungkul urang sunda, aya rerencangan sim kuring urang  jawa, tapi terangeun lagu ieu langkung batan sim kuring.

Senin, 02 Juni 2014

RIKA RAFIKA - BANGBUNG HIDEUNG



Rika Rafika, Bangbung Hideung, Download Lagu Sunda, Sunda, Lirik Lagu Sunda, Lirik

LIRIK BANGBUNG HIDEUNG

Rika Rafika
---------------------------

Bambung hideung boro-boro teuing di candak
Leuheung bari dianggo ka suka galih
situ pinuh balong jero
bebendon sareung bebendu salira joag
awiiii teh pangajul buah
lantaran teu kitu deui

Sora bedil luhur mega paripaos
teu paya lepat sakedik
diri abdi kagamparan

Eeee banondari, nu geulis kawanti wanti
nu endah ngabalik warna puputon kembang kadaton
Jungjunan,
Lamun teu kauntun tipung, katambang beas, laksana kapiduriat
Matak paeh ngabae bangke
matak edan leuleuweungan

Matak paeh ngabae bangke....
matak edan leuleuweungan.....
Aduh alah ieung, da leuleuweungan....

Aya uceung, paribasa
sarung bantal mung ku seep saputangan hiji
ceurik balas ku nalangsa, abdi nalangsa
nguping hujan tengah weungi diimah keueung sorangan
nguping hujan tengah weungi diimah keueung sorangan
.....diimah keueung sorangan.....

Nyangigir asa gigireun, nangkarak asa luhureun
Nyangigir asa gigireun, nangkarak asa luhureun
aduh alah ieung asa luhureun....

Jung nangtung asa lanjung
gek duk diuk asa tiguling
leumpang asa da ngalongkewang.

--------------------------------------------------------

Layung Galunggung - Rika Rafika



Rika Rafika, Layung Galunggung,Lirik Lagu Sunda, Lirik, Sunda, Download Lagu Sunda,

LIRIK LAYUNG GALUNGGUNG

Rika Rafika
--------------------------

Layung luhureun Galunggung
Marengan wanci sareupna
Surya ngampih pabuburit
Pamit kacaangna beurang

Duaan waktu harita, babarengan nyulam cinta
Bari pinuh pangharepan
Bagja pinuh pinekanan

Layung luhureun Galunggung
Kunaon leungit teu pamit…leungit teu pamit
Boa teuing cinta urang
moal lana papanjangan

Layung luhureun Galunggung
Undurna kawas nu pundung…kawas nu pundung
Boa pasini ngajangji
Kapupus moal ngajadi

Duaan waktu harita, babarengan nyulam cinta
Bari pinuh pangharepan
Bagja pinuh pinekanan

Layung luhureun Galunggung
Kunaon leungit teu pamit…leungit teu pamit
Boa teuing cinta urang
Moal lana papanjangan

Layung luhureun Galunggung
Undurna kawas nu pundung…kawas nu pundung
Boa pasini ngajangji
Kapupus moal ngajadi 

----------------------------------

Minggu, 01 Juni 2014

Darso - Batrawali



Darso, Download Lagu Sunda, Sunda, Lirik Lagu Sunda, Lirik, Batrawali

LIRIK BATRAWALI

Darso
-------------------------
 Hariwang nu geulis midangdang.....
ka irup jajaka dandang.....
geutah ngeclak keur balangah...
mupus raray kasucian

poek ku nikmatna cinta....
mernah... cahya keur hibar...
pamikirna bakal rek satuhu...
jajaka nu di picinta....

Reff;
kutan nu kjadi panutan ninggalkeun taya raratan....
Batrawali nya pait nya peuheur meulit ka batin nu geulis
Parangsiam nu di kandung teu dosa bet di tandasan....

poek ku nikmatna cinta....
mernah... cahya keur hibar...
pamikirna bakal rek satuhu...
jajaka nu di picinta....

Reff...
Tamat....
--------------------------------------
Eh omat tur kahade pisan da ari istri mah saperti kaca sakali peupeus moal bisa di omekeun deui, sakali cacad bakal cacad salawasna. Cinta lalaki anu sajati mah bakal saluyu reujeung aturan pangeran, moal daek manehna ngalanggar aturan pangeran.

TELAGA WARNA - Wina



Wina, Talaga Warna, Sunda, Lirik Lagu Sunda, Lirik, Download Lagu Sunda

LIRIK TALAGA WARNA

Wina 
------------------------

Januari langit bengras
pasosore bada ashar
keur meujeuhna layung di langit koneng
endahna talaga warna

Cai anteng taya polah
na parahu dina randu
sempal guyon urang duaan
di tengah talaga warna

Handeuleum beureum
kucubung bodas ku karembangan
lalajo urang anu keur anteng duaan
di tengah talaga warna

(Talaga warna) karasa endahna cinta
(Talaga warna) ngabedag sagala rasa
(Talaga warna) nyata ti saprak harita
jangji miara rasa katresna nepi ka jaga 

-------------------------------------------