Download Lagu Sunda

Mohon maaf karena saya tidak dapat memberikan link download mp3 lagu sunda secara langsung, jika ingin mendownload file mp3-nya, silahkan kirim email ke mp3@dede-gunawan.web.id, untuk mendownload video-nya, silahkan download langsung dari youtube, isi dari blog ini lebih banyak tentang lirik lagu sunda, Terima Kasih.

Selasa, 03 Juni 2014

POP SUNDA - MANUK DADALI

LIRIK MANUK DADALI

----------------------------
Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
Sukuna ranggaos reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk

Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang jeung pertentang taya bandingannana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan kasieun leber wawanenna

chorus
Manuk Dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia Jaya
Manuk Dadali pangkakon carana
Resep ngahiji rukun sakabehna

Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna Bangsa di Nagara Indonesia

----------------------------------------------



Manuk Dadali, Sunda, Lirik, Lirik Lagu Sunda, Download Lagu Sunda,

Lagu ieu kalebet lagu sunda anu kasohor pisan. Seueur pisan anu terangeunnana henteu wungkul urang sunda, aya rerencangan sim kuring urang  jawa, tapi terangeun lagu ieu langkung batan sim kuring.


Artikel Terkait :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar