Download Lagu Sunda

Mohon maaf karena saya tidak dapat memberikan link download mp3 lagu sunda secara langsung, jika ingin mendownload file mp3-nya, silahkan kirim email ke mp3@dede-gunawan.web.id, untuk mendownload video-nya, silahkan download langsung dari youtube, isi dari blog ini lebih banyak tentang lirik lagu sunda, Terima Kasih.

Sabtu, 31 Mei 2014

Yayan Jatnika - Mawar Bodas



Mawar Bodas,Yayan Jatnika, Sunda, Lirik Lagu Sunda, Lirik, Download Lagu Sunda

 LIRIK MAWAR BODAS

Yayan Jatnika
----------------------------

Mapay jalan satapak
Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu karasa capena
Sabab aya nu diteang

Hujan angin dor dar gelap
Hunteu aya keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Teu paduli kajeun teuing

Nu penting mah asal nepi
Ka tempat anu di tuju
Rek ngalongok mawar bodas
Nu moal lila ka ala

Sugan tea moal gagal
Kembang geus aya nu boga
Balik teh asa hoream leumpang ge asa ngalayang

Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir ti tadina
Lamun bakal nyeri hate
Hoream teu sudi teuing
Mikiran pipanyakiteun
Mikiran pipanyakiteun

----------------------------------------------

Yayan Jatnika - Bentang Manglayang



Download Lagu Sunda, Lirik, Lirik Lagu Sunda, Yayan Jatnika, Bentang Manglayang, Sunda

LIRIK  BENTANG MANGLAYANG

Yayang Jatnika
-------------------------------------

Bentang luhureun manglayang
Ting karetip anteng ngiceupan
Kamari peuting ayeuna
Bentang rapang lobana angger sarua

Handapeun bentang manglayang
Manehna keur ngadagoan
Nanggeuy saruntuyan bentang
Meunang mipit ti luhur Gunung Manglayang

Weungi enjing nun……
Urang petik ku dua-an
Urang runtuy nun…..
Keur kongkoyang pangantenan

Weungi ieu wayah na urang paanggang
Tapi soca tangtos sami keur milang bentang manglayang

Bentang luhureun manglayang
Ting kareutip anteung ngiceupan
Kamari peuting ayeuna
Bentang rapang lobana angger sarua
----------------------------------

Jumat, 30 Mei 2014

Lagu Pop Sunda - Duriat



Duriat, Download Lagu Sunda, Lirik Lagu Sunda, Lirik, Sunda, Yayan Jatnika

LIRIK DURIAT

Yayan Jatnika
--------------------------

Dina hate kuring anjeun cicing
Dina hate anjeun kuring cicing
Bener-bener henteu bisa ngejat
Dibeungkeut ku tali duriat

Sanajan loba nu daratang
Pating kuriling neangan lawang
Pating kaletrok kana panto hate
Tapi ku urang teu dipalire

Duriat teu bisa digantian ku rupa
Duriat teu bisa dihilian ku harta
Duriat teu bisa di aya-aya
Duriat datang na heunteu kapaksa

Dikotretkeun dina hate tidituna
Diguratkeun dina rasa tidituna
Dibuka di baca ku urang duaan
Di jaga di riksa pinuh rasa ka heman 
-------------------------------
Duriat teu bisa diaya-aya, cenah......

Ayun Ambing - Lagu Sunda



Download Lagu Sunda, Lirik Lagu Sunda, Lirik, Sunda, Ayun Ambing, Agus Caleuy

LIRIK AYUN AMBING

Agus Caleuy
------------------------------
Deungkleung dengdek
Anaking jimat awaking
Geura bobo
Panutan kalbu
Ema hidep aya di pangumbaraan
Nyiar rizki buburuh jadi TKI

Deungkleung dengdek
Anaking di ayun ambing
Ulah rungsing tepung jeung peuting
Anggur nyaring na mangsa keur sepi jempling
Ngadu'a Ema hidep enggal mulang

Ukur cimata nu jadi ubarna
Rasa kasono
teu weuleh ngadodoho

Sanajan urang paanggang
Hate mah paanjang anjang
Sanajan urang papisah
Ka Gusti Urang sumerah diri

Kieu buktina
Kedah kieu nasibna
----------------------------------------

Kamis, 29 Mei 2014

Hariring Kuring - Mae Nurhayati



Download Lagu Sunda, Mae Nurhayati, Nining Meida, Hariring Kuring

LIRIK HARIRING KURING

Nining Meida
---------------------------------
teungah peuting
keur jemplang jempling
kuring nyaring
teu geunah cicing
hate melang sumoreang
buah ati lawas teu patepang

cuang ciung
kuring sorangan
nunggelis di pangumbara
lieuk deungeun lieuk lain
taya pisan geusan pamuntangan

rek sasambat kasahanya-nyambat
suwung dulur walurat sobat
sangsang badan nya nitipkeun diri
iwal ka gusti yang widi

hiliwirkeun duh angin peuting
pang nepikeun hariring kuring
ka jungjunan nu ngantosan
kawih ati nu keur rungsing pusing
kawih ati nu keur rungsing pusing
 

Asih Urung Vocal Rita Tila



Download Lagu Sunda, Asih Urang, Rita Tila

LIRIK ASIH URANG

 Asih urang di apungkeun ka langit
Muntang kana mega
Ucang angge duaan

Asih urang di apungkeun ka langit
Meungkeut dina bulan
Ayang-ayangan duaan

Asih urang ting karetip dina bentang celak
dumalingna cinta
Diapingku jempling peuting
di ayun ku lagu dengkleung
hariring gentra ka tineung
urang duaan

Asih urang kahibaran linduh bulan sirna
cahayana nyinglar kapati sungkeman asih
purnama harepan bagja
natar kahayang laksana
satuhu salalamina
...............................

Rabu, 28 Mei 2014

NINING MEIDA - KALANGKANG



Download Lagu Sunda, Nining Meida, Kalangkang,

LIRIK KALANGKANG

Nining Meida
-------------------------------
Mungguhing dina impenan
geuning sakitu deudeuhna
kanyaah nu wening bersih
satia jadi kakasih

Mungguhing dina impenan
geuning sakitu leahna
pameunteu marahmay manis
teu isin ka ambung damis

Rambut panjang nu ngarumbay
disangka panangan ngambay
lalaunan raray tanggah
rangkulan karaos pageuh

Luhur pasir tepung deudeuh
perlambang asih nu mekar
kabagjaan nu duaan
nu duaan

Hanjakal.. hanjakal teuing
endah ngan ukur kalangkang
harepan.. harepan diri
sing nyanding jeung kanyataan

SESAH HILAPNA - Vocal Rita Tila




Download Lagu Sunda, Rita Tila, Sesah Hilapna

Lirik Sesah Hilapna

Hetty Koes Endang
-----------------------------

Asa-asa urang teh
Nembean tepang
Aya kereteg hate
Dugdeg surser-ser
Sesah hilapna
Gening bet sungkan papisah
Duh….sesah hilapna

Kantenan urang teh
Nembean tepang
Aya nu eunteup
Gerentes kadeudeuh
Sesah hilapna
Nyanding asih dina ati
Duh…..sungkan patebih

Ayeuna urang ngahiji
Geus jadi batur sa ati
Gumulung siang jeung wengi
Duh…bagja nyanding asih

Teu kaop teu tepang sa dinteun
Teu kawawa ku rasa kangen
Teu beunang di papalerkeun
Teu beunang di bebenjokeun
............................

Selasa, 27 Mei 2014

DARSO - DINA AMPARAN SAJADAH



Download Lagu Sunda, Darso

DINA AMPARAN SAJADAH
Darso
--------------------

Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Diri nu lamokot ku dosa
Nyanggakeun sadaya-daya

Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Mundut pangampura Gusti
Ya Allah Robbul Izzati

Taya deui panglumpatan
Taya deui pamuntangan
Mung Allah Pangeran Abdi
Pangeran anu sajati
 

Bah Dadeng - Papatong




Download Lagu Sunda, Bah Dadeng
PAPATONG
Bah Dadeng
----------------

 Beurang maju ka lohor
Papatong nu koneng euntreup na regang
Ngageter jangjangna keur ngagupayan
Pancen keur wasiatan

*
Sore mengok ka Ashar
Papatong nu koneng hiber teu luhur
ngalayang ngawahan arek pamitan
poma tong ka jongjonan

Reff:
Papatong nu koneng teu tembong deui
Leungit indit teu pamit
Papatong nu koneng teu tembong deui
Tilem bewara baturna

Prak reureuh tina ka riweuh
Prak pasrah kanu Kawasa
Prak reureuh tina ka riweuh
Prak pasrah kanu Kawasa

kembali ke *

Senin, 26 Mei 2014

BAH DADENG - CIMATA CINTA



Download Lagu Sunda, Sunda
 CIMATA CINTA
Bah Dadeng
----------
Mega hideung nu aleum semu murung
Langit angkeub hideung taya bengras dai
Duh, gusti kanyeuri teu euih euih
Ci panon kacinta maseuhan teu kendal rasa

Pasusubuh ngarincik hujan leutik
Lir mareungan ceurik ati nu ker peurih
Duh, geulis kanyeuri teu kendat raat

Na iraha langit caang
Na iraha anjeun datang
Na iraha langit caang
Na iraha bagja datang

Rasa ka asih teu euih euih
Rasa kasono hese pohona
Rasa ka meulang teu ilang ilang
Rasa ka cinta ngamuara jero dada


PANCURAN CINTA- YAYAN JATNIKA



Download Lagu Sunda, 

Pancuran Cinta
Yayan Jatnika 
-------
Tah didieu, di jalan satapak
Urang kungsi meungkeut jangji
Barengbar katresna
Ngungkapkeun lambar carita

Tah didinya, di pancuran cinta
Tempat urg mapag rasa
Silih simbeuh kadeudeuh
Sangkan cinta meungkeut pageuh

Herang caina
Gambaran cinta
Ngungkapkeun lawang
Sagara cinta

Wulanna, bentang na
Endahna alam rasa
Bagja keur urg duaan
Langitna megana jadi simpay katresna
Mugia sing salamina… [2X]

Sabtu, 24 Mei 2014

doel sumbang-bulan batu hiu

Bulan nu ngagantung
di langit Batu Hiu
tinggal sapasi
sesa purnama kamari
Urang duaan
anteng sosonoan
suka bungah, sagala rasa dibedah

Bulan nu ngagantung
di langit Batu Hiu
tinggal sapasi
sesa purnama kamari
Ikrar janji, sahidup samati
moal hianat insya Allah moal pegat

Dina ruang hate
nu aya ukur salira
dina ruang hate
pasti ngan ukur salira
Bulan di langit Batu Hiu
Sesa purnama kamari
bulan sapeupeuting nyaksi
nya pangrusiah moal betus pasti




Lagu ini menceritakan tentang kemesraan di Pantai Batu Hiu (Pantai di daerah Pangandaran) pada malam setelah bulan Purnama. Cinta memang membuat semua menjadi indah. Apalagi jika cinta itu kita tujukan kepada maha pemilik cinta (Allah SWT) tentu akan lebih indah.

Download Lagu Sunda Gratis

Jumat, 23 Mei 2014

YAYAN JATNIKA - Curug Cinulang



lagu sunda...jalir janji

Ulah Jalir Janji..

Ulah Jalir Janji..

Komo deui aya niat nganyenyeri



Ulah Jalir Janji..

Ulah Jalir Janji..

Komo deui aya niat gaduh deui





Dede Gunawan